Selasa, 20 Juli 2010

Contoh Pidato Sunda | Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén | Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén
Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Awéwé

Assalamu’alaikum Wr. Wbr.

Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos nyésakeun lolongkrang waktos kanggo simkuring, pikeun sasanggem dina ngabagéakeun kulawarga calon pangantén pameget. Rupina teu aya deui kecap nu langkung anteb kanggo ngébréhkeun rasa bagja jero dada, iwal ti tasyakur bini’mah, ngagalindengkeun puji miwah sukur ka Alloh SWT, anu tos ngalungsurkeun pirang-pirang nimat kanggo urang sadaya; nimat iman, nimat Islam, nimat dipaparin jagjag tur waringkas, dugi ka dina dinten anu sakieu cangrana, insya Alloh urang baris nyakséni ngadahupna Jang Omad Kadaluwarsa ka Néng Siti Sapuratina.

Alhamdulillah, pangersa Bapa Naib ti Kantor Urusan Agama parantos sumping. Mangga Pa Naib, calikna di payun, supados simkuring langkung reugreug. Sumuhun, sabada nyukruk galur pancakakina mah, geuning sareng Bapa Naib téh masih baraya. Kupungkur, simkuring kantos sakulah-sakolih sareng anjeunna di internaat, waktos sasarengan janten murid Sakola Normal. Kulan? Sumuhun, sanés internét, in-ter-naat. Upami ayeuna mah teu bénten sareng asrama.

Ku ditepangkeunana sareng Bapa Naib, asa tambih ngandelan kayakinan, réhna perkawis jodo, pati, bagja sinareng cilaka mah anging Alloh Anu Uninga. Bapa Naib nembé ngaharéwos, saurna, sanajan tos puluhan taun didamel di Kantor Urusan Agama, sanajan tos ratusan kali nyatetkeun anu panganténan, nanging berekah dugi ka danget ieu masih kénéh nyorangan. Kulan? Sumuhun, di dieu saurna nyorangan sotéh, da di bumina mah aya nu ngaréncangan.

Urang kantunkeun heula dongéng Bapa Naib. Badé langsung baé ngawaler patalékan ti sesepuh calon pangantén pameget, bilih aranjeunna gantung dangueun, bilih teu sabar nganti walonan. Mangkaning nembé nyorang lalampahan sakitu tebihna, sageuy upami diulur ku waktu téh. Pa Éméd, kitu deui wargi-wargi sanésna ti Kalimantan, Jang Omad téh seja ditampi, sakali deui, seja ditampi binarung ku kabingahan.

Bapa Emed kalih Ibu, kitu deui wargi-wargi sadaya anu ku simkuring dipihormat,

Sanaos tos aya kedal ucap yén Jang Omad seja ditampi, nanging asa kirang payus upami sasanggem téh dicagkeun dugi ka dieu. Angot nguping sasauran ti sesepuh calon pangantén pameget sakitu ngagebayna. Étang-étang kaul wé ieu mah, ngiring bingah ka nu badé panganténan.

Upami disebat katempuhan buntut maung mah panginten kirang merenah, nanging kamari mah ditataharkeun pikeun biantara nampi calon pangantén téh nya pun lanceuk pisan, Kang Among Suryabarata Kusumah. Nanging sabada diémut deui ku anjeunna, sok inggis ébat dina waktosna. Bilih dumadakan geumpeur, malum nembé pisan badé diajar janten mitoha. Kalih perkawis tos aya babadiamian ti anggalna, upami nu nyérénkeun pangantén katingalna jangkung badag, seja dilawanan ku nu langsip baé. Nya simkuring anu katempuhanana, da rumaos pangbegangna.

Hadirin anu dipihormat,

Simkuring asmana kulawarga Bapa Among, kantenan ngarasa bagja binarung reueus, réhna anu dianti-anti ti kamari, ditungguan ti mangkukna, ayeuna teu burung cunduk. Sumuhun, ari melangna mah nataku, bilih aleutan ti Kalimantan kumaha onam di jalan, mangkaning saurna lalampahan ti Samarinda ka Bandung téh dugi ka opat dinten opat wengi.

Néng Siti mah tos kantenan, guling-gasahan ti kamari kénéh. Bet ngimpleng nu lain-lain cenah, kumaha mun Jang Omad katiruk jajantung ku pramugari kapal cai, dugi ka bolay niatna. Énggal baé dibeberah, masing yakin cék simkuring téh, Jang Omad mah teu aya watek cunihin. Ayeuna mah, Nyai, geus teu jaman ngeleyed téh. Jaman bruk-brak, jaman jujur, henteu sumput salindung. Na ari gantawang téh pun lanceuk nyeukseukan, “Aéh-aéh, naha ceuk saha Akang cunihin, ceuk saha Akang ngeleyed?” kituna téh bari muril-muril kumis.

Sumuhun, seja nguningakeun baé, wiréh pun lanceuk mah ceplak pahang, upami sasauran téh tara didingding kelir. Nu mawi, titip baé ka Jang Omad, teu kénging soak upami engké Pa Among muncereng, da tos kitu pasipatanana. Teu kénging inggis ku kumis, da haténa mah sakitu léahna. Nanging, apan ayeuna mah sanés jaman Si Kabayan, tos kedah teu usum mitoha paséa sareng minantu téh. Sanés kitu, Kang Among? Sanés saurna téh.

Hadirin anu dipihormat,

Kantenan, kawitna mah Kang Among ogé teu kinten hélokna, basa uningaeun Néng Siti gaduh beubeureuh dina internét. Saurna téh: “Teu kaharti ari barudak ayeuna. Naon resepna bobogohan jeung nu teu puguh bungkeuleukanana, piraku rék ngagaléntoran aksara? Jeung nu ngajirim wé atuh Nyai, tuh aya Kang Dian, aya Cep Usman, Jang Dédé, ngan ulah wé ari jeung Ceu Éti mah.”

“Kang Omad téh nyaaheun pisan …” sanggem pun alo.

“Nyaaheun kumaha, tepung gé acan. Weléh teu kaharti ku kolot mah, sakalian wé atuh kawin téh jeung komputer.”

Ah, da kitu geuning pun lanceuk mah.

Nanging, saparantos panjonghok, geuning teu burung ngarepok. Reugreug simkuring téh, najan jodona urang Kalimantan, tapi apan enas-enasna mah apan masih kénéh urang Sunda. Masih kénéh maké basa Sunda. Masih kénéh ngamumulé budaya Sunda. Simkuring panuju pisan kana kasauran sesepuh calon pangantén pameget. Leres barudak téh digedékeun dina jaman anu tos béda, nu disebat modéren téa, nanging reueus naker upami masih émut ka titipan karuhun mah.

Hadirin anu dipihormat,

Pamaksadan Bapa Éméd téh geuning pertéla pisan. Nguping niat anu sakitu ihlasna, sageuy upami simkuring sareng pun lanceuk ngamomorékeun. Perkawis Jang Omad anu magar seueur kakirangan, ah, da apan jalma mah teu aya nu sampurna. Tong boroning barudak anu nembé badé diajar rumah-tangga, dalah anu tos puluhan taun, sapertos simkuring, ari pacogrégan mah sok aya baé. Sawangsulna Si Nyai, eukeur mah ogoan, katambah babarian, belikan, teu sabaran, Jang Omad gé langkung uninga panginten. Hapunten pisan upami Néng Siti kirang pangaweruh dina ngawulaan carogé. Nyanggakeun ka Jang Omad kanggo ngalelempengna.

Sumpingna kulawarga Jang Omad anu magar teu nyandak munding-munding acan, teu janten émutan pikeun simkuring mah. Sanaos tadi ku simkuring katingal aya nu nyandak soang dua jodo. Ku kasumpinganana gé, simkuring tos pirang-pirang ngahaturkeun nuhun.

Mugia sabada diwalimahan, Jang Omad sareng Néng Siti janten kulawarga anu runtut-raut sauyunan. Sing manjang laki-rabina, dipaparin putra anu soléh, geusan ngahontal kabagjaan dunya rawuh ahérat.

Sakitu nu kapihatur.

Billahi taufik walhidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wbr.

(http://daluang.com/biantara-nyerenkeun-jeung-narima-calon-panganten/)

13 komentar:

  1. Nyuhunkeun widina abdi ngopy conto pidato anu kalintang saena. Insyallh bakal manfa`at.Htr nuhun.

    BalasHapus
  2. Sami abdi oge nyuhunkeun widina bade ngopy ieu contoh pidatio teh. hatur nuhun

    BalasHapus
  3. hatur nuhun visan artikelna kaanggo
    neda hapunten tur nyuhungkeun widi COPAS

    BalasHapus
  4. nyungkeun widi copas hatur nuhun

    BalasHapus
  5. HATURNUHUN,, NYUHUNKEUN WIDI NGOPI...
    IBU ANI

    BalasHapus
  6. pabeulit ieu teh nampi atanpi nyerenkeun..?????

    BalasHapus
  7. simkuring teu kinten reueusna kana bahan biantara ieu, mugia nu salajengna mah panuhun ngabahas acara paturay tineung

    BalasHapus
  8. Simkuring bade ngiring ngopas, syukron.

    BalasHapus
  9. sae pisan ... hatur nuhun. nuju ngantos bapak naib ieu teh... maklum dinten saptu mah geuning mundel pisan jadwalna nu nikah.. sumawonten usum hujan..

    BalasHapus
  10. Yunken widi di anggo elmu na mugia barokah kanu ngadamelna.amien

    BalasHapus

Tulis di kolom komentar pidato tema apa yang anda butuhkan?