Selasa, 20 Juli 2010

Contoh Pidato Sunda | Gerakan Gandrung Tatangkalan

Naskah Biantara Pinunjul 2 Tingkat SMP
Alpukah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2008.

GERAKAN GANDRUNG TATANGKALAN
(RAKGANTANG)
Ku: Rudi Rinaldi

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…
Girang Pangajén kalih hadirin sadaya nu dipihormat,
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun sagala puji ka Dzat Illahi Robbi, sagala puja ka Alloh Azza Wajjalla, réhna dina danget ayeuna urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan séhat wal’afiat.
Teu hilap solawat miwah salam mugia salalawasna disanggakeun ka jungjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Girang Pangajén kalih hadirin sadaya nu dipihormat,
Simkuring neda widi sateuacan ngadugikeun jejer biantara, nepangkeun wasta pun Rudi Rinaldi wawakil ti SMP Negeri 4 Darangdan, SMP nu kawilang resik tur ayana di patempatan nu kalintang éndahna nya éta di Desa Pasirangin, désa nu di lingkung ku gunung, disimbut ku halimun, matak betah matak nineung.
Dupi jejer biantara nu badé didugikeun ayeuna, nya éta Gerakan Gandrung Tatangkalan anu disingget Rakgantang.
Sakumaha nu parantos kauninga ku sadayana, dina danget ayeuna kaayaan lingkungan hirup urang parantos kalintang reksakna. Tatangkalan dibukbak, leuweung digalaksak, huluwotan cai paburantak atuh seueur jalmi nu balangsak balukar salah talajak!
Badé kumaha upami parantos kieu? Naha badé diantep waé?
Deudeuh teuing leuweung kahirupan. Nu sakedahna méré kahuripan, lain kasangsaraan! Mana ayeuna nu disebut leuweung geledegan? Mana leuweung ganggong sima gonggong? Nu aya kari gunung nu gundul – pasir nu bulistir! Usum hujan pahibut urug jeung caah; usum halodo taneuh bareulah. Patani ngangluh, aki pangebon humandeuar! Ladang tani tinggal daki da hasilna teu nyukupan keur kahirupan!
Matak ngangres puguh ogé! Ngabandungan jalma-jalma cowong patinggorowok: “Piara leuweung…, raksa tatangkalan…., riksa pepelakan!” Kanyataanana? Ukur lalambé dina biwir wungkul!

(http://mgmpbasasundapwk.wordpress.com/2009/07/18/naskah-biantara-pinunjul-2-tingkat-smp/)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulis di kolom komentar pidato tema apa yang anda butuhkan?